Artikel Pengetahuan Dan Teknologi

Feb 4, 2013

Cerita Sunda Si Kabayan Ngala Tutut

Cerita Sunda Si Kabayan Ngala Tutut - Si Kabayan merupakan tokoh lucu dari tataran sunda, sekarang ini sudah banyak beredar cerita si Kabayan yang mempunyai tingkah yang lucu dalam kehidupannya sehari-hari.
Kali ini blog penerang akan membagikan carita sunda si kabayan ngala tutut, blog penerang akan membagikannya dalam versi bahasa sunda, lain kali blog ini akan mengupdate ceritanya dalam bahasa Indonesia, semoga cerita si Kabayan ini bermanfaat :

Cerita Sunda Si Kabayan Ngala Tutut
Carita Cerita Sunda Si Kabayan
Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”

Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”

Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.

Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.  (lanjutkan..)
Nah, untuk cerita lengkap si kabayan ngala tutut ini silahkan tekan lanjutkan.
Terimakasih telah berkunjung. :)

Cerita Sunda Si Kabayan Ngala Tutut Rating: 4.5 Diposkan Oleh: Yaya Nurcahyadin